Komisi Gratis | Bisnis Online Tanpa Modal

Kujang Kisunda


Hana nguni hana mangké
Tan hana nguni tan hana mangké
Aya baheula, aya ayeuna
Moal aya ayeuna lamun euweuh baheula

Kisunda nu baheula, Kujang nu ayeuna.
Jadi ajén dina diri, Jadi pakarang dina dada,
Geura hudang pikeun tandang nu kiwari
Kujang Kisunda ulah kaséréd ku junti

Pakarang kuring pakarang kujang
Kujang pakarang ti para Hyang
Kujang pakarang beuki dieu beuki rompang
Kagerus waktu, kaséréd jaman

Kamana atuh kuring téang
Pangwaris kujang nu geus rompang
Kasaha atuh kuring bikeun
Kujang rompang wariskeuneun

Kujang Kisunda Bral geura Miang
Geura tandang makalangan.
Nanjeurkeun mangpa’at tur kabeneran.
Pikeun ngawangikeun bumi Pasundan


Bandung 14 Mei 2010

Comments :

1
Anonim mengatakan...
on 

Kaga ngarti bang!!! terjemahin donk...

Posting Komentar

 

Readers

Facebook Reader

Check PageRank
Add to Technorati Favorites


My blog is worth $564.54.
How much is your blog worth?